Senin, 31 Desember 2012
TATAKRAMA BASA SUNDA
1. Tatakrama
Basa Sunda
Jaman beh
ditu mah dina ngadidik budak nyarita, geus dimimitian make sopan santun ngomong
nyaeta ngalarapkeun undak usuk basa Sunda tea. Jadi salian ti diajar kekecapan
kudu oge diajar ngalarapkeun kekecapan atawa basa jeung saha urang ngomong.
Utamana mah nu dipahing pisan teh ngomong kasar ka saluhureun, maksudna
saluhureun umur heulaanan. Sakainget baheula ku kolot diajar kudu make basa
lemes teh lamun nyarita jeung indung bapa, jeung lanceuk, ua, paman, sarta bibi
anu darareukeut bae heula. Saterusna kudu nyarita lemes oge ka guru jeung ka
tokoh masarakat lianna.
Salian ti
diajar undak usuk basa Sunda, oge diajar tatakrama jeung tingkah laku, rengkuh
awak. Meureun ayeuna mah disebut “bahasa tubuh” tea. Lamun ngomong jeung saluhureun
komo jeung nu dipikaajrih
Salian ti eta oge geus jadi kabiasaan sabagian urang
Sunda rada kurang bruk brak atawa terus terang dina rupa-rupa urusan. Ari
alesanana mah ngarasa teu boga bema krama atawa teu sopan lamun kudu nyarita
togmol teh. Jadi nu diajak nyarita kudu surti atawa geus apal kana
pamaksudanana. Antukna, kajeun teuing make kecap pondok bae nyaeta cukup ku
kecap “teu langkung”.
2. Adab Ngobrol Urang Sunda
Kecap
adab, jigana mah tina basa Arab. Duka naon tah harti asalna dina basa Arab mah.
Ngan nu jelas, kecap adab geus jadi basa Sunda. Hartina, mun teu salah, kurang
leuwih tata cara, tata titi, sopan santun, dina enggoning ngalakukeun hiji hal.
Upamana bae, adab maca qur'an,
adab nyanghareupan semah, adab ngobrol ka saluhureun, jsb.
Urang
Sunda geus ti dituna keneh kawentar someah tur bear budi. Suranyeh, berehan ku
imut (kade, imut di dieu hartina senyum,
lain lucu
saperti dihartikeun ku barudak ayeuna). Mun ngobrol biasana sok dibarung ku
seuri, najan sabenerna teu hayang seuri. "Sumuhun, Bapa..eheheh.. Abdi mah
kaleresan nuju cuti..eheheh.. Janten rada nyalse..heu..heu..heu..."
Padahal naon lucuna cuti nya?
Tapi
da seuri di dinya mah lain seuri jiga keur lalajo bodor, tapi istuning seuri
hormat, nandakeun yen urang ngarasa bungah papanggih jeung jelema nu diajak
ngobrol. Kumaha carana ngabedakeun antara seuri lalajo bodor jeung seuri dina
conto obrolan di luhur? Beda dina lentongna. Mun seuri ku sabab hayang seuri
nempo bodor mah nyakakak, ieu mah henteu kitu. Seurina diawer. Seuri hormat.
Ieu teh kaasup kana salah sahiji adab ngobrol urang Sunda.
Nu
kumaha ari imut? Imut mah 'senyum' tea. Seuri tapi teu katembong huntu, tur
taya soraan. Imut biasana 'dibikeun' ka saha bae, kaasup ka jelema nu teu
wawuh. Pan ibadah tea. Urang oge pasti kabawa hegar mun nempo beungeut jelema
anu marahmay, teu tinggaleun ti imut. Komo lamun nu imutna teh geulis, tangtu
matak poho kana hutang:-)
Lian
ti imut atawa seuri, nu teu kurang pentingna oge nyaeta lentong (lain lontong!)
dina nyarita atawa gunem catur. Intonasi. Mun urang Sunda ngobrol, estu
ngeunaheun kadengena, pangpangna ku urang Sunda deui, da ari ceuk seler sejen
mah can tangtu ngeunaheun. Buktina pan sok diparodikeun, najan kadang kadang
kaleuleuwihi. Ma'lum, ngaranna ge parodi, tangtu kudu karikatural.
Kabeh
nu ditataan tadi masih kurang lengkep mun teu dibarengan ku rengkuh. Rengkuh
sabenerna leuwih ngawakilan sikep urang sacara integral, anu gumulung dina dina
wangun 'gesture' alias 'bahasa tubuh' (basa awak?). Mun ngobrol jeung jelema nu
dipihormat, awak biasana rada doyong ka hareup, leungeun katuhu ngusap-ngusap
leungeun kenca. Unggeuk dibarengan imut mun pareng pasalandog jeung nu sejen
(rek wawuh rek henteu), oge kaasup bagian tina sikep rengkuh. Eta mah sakadar
conto. Sikep rengkuh nu sagemblengna bakal leuwih karasa dina kanyataan
sapopoe.
Nu
pamungkas, kahade, kudu ati-ati ngagunakeun sesebutan ka batur. Ulah pararadu
nyebut Nini, Aki, Emang, Bibi, atawa Euceu ka batur nu teu katalian baraya.
Mending pake bae sesebutan anu leuwih umum saperti Bapa, Ibu, Akang atawa
Teteh. Anu leuwih hade, tengetan heula kumaha batur biasana nyebut ka jelema nu
ku urang rek diajak ngobrol, bisi jinisna teu ngeunaheun, bisi asa
disapirakeun. Nu penting, ulah 'sok akrab', sabab sipat tur watek jelema teh
teu sarua. Hal ieu oge wajib dijieun lilinggeran dina komunikasi tinulis
saperti surat, SMS, email jeung sajabana.
Kecap
Ujang jeung Nyai oge geus teu pati ilahar dipake, ari lain di lingkungan
kulawarga deukeut mah. Jadi, tibatan nyebut Ujang atawa Nyai, mending sebut bae
ngaranna, atawa gunakeun sesebutan Eneng jeung Encep. bisa oge make sesebutan
'ayi', kecap nu sipatna 'unisex' pikeun ka sahandapeun nu umurna teu sabaraha
geseh jeung urang.
Pabaliut?
Ah, henteu lamun geus biasa mah. Pan ieu teh bagian tina ngaraksa atawa
ngamumule budaya Sunda, bari jeung angger ngahargaan batur. Mun urang
hayang dihargaan batur, nya tangtu urang oge kudu ngahargaan ka batur. Mangga
emut, kumaha mun urang ujug-ujug disebut Emang atawa Euceu/Bibi ku kenek angkot
nu teu dulur teu baraya? Kungsi aya tatangga ngalaman kajadian saperti kitu. Da
eta mah mani geuneuk beungeutna bari nembalan ka kenek, "Na ti iraha urang
kawin ka bibi maneh?"
Tuh,kan kitu antukna teh,jadi sing pinter-pinter dina
ngagunakeun basa.
Langganan:
Postingan (Atom)